Sabtu, 29 November 2014

Prasasti Munjul (Prasasti Cidanghiang) Titinggal Raja Tarumanagara. (Munjul, Pandeglang, Banten)




Ieu batu tulis teh aya di sisi hulu cai walungan Cidanghiang nu ngamuara ka walungan Ciliman. Titinggal karuhurun urang Sunda.

Ngareureuhkeun Kacape di Saung Sawah (Angsana, Pandeglang, Banten)




Basa awak karasa lungse urut dipeureut kesang enggoning nyiar kipayah, asana ni'mat lamun ngareureuh heula sakeudeung bari nyuruput cikopi na gelas awi.

Kahirupan Lembur Singkur Usum Nyawah (Angsana, Pandeglang, Banten)





Nya kieu pisan kahirupan kuring mah, teu leupas tina bobolokot ku leutak, ngan lebah dieu kasugemaan hirup teh panggihna. Teu harengheng ku sahengna sora kandaraan jeung patalimarga. Lebah dieu kuring manggih acining hirup.

Jumat, 28 November 2014

Basisir Batukaras, Kabupaten Pangandaran.





Sanajan kasebutna Laut Kidul Pulo Jawa, di basisir ieu mah ombakna teh leutik, kahalang ku jojongor Pangandaran. Nu mantak didieu mah kanjat di pake ngojay.


Madasari, Basisir endah di Kabupaten Pangandaran.




Basisir Madasari, hiji basisir di kabupaten Pangandaran, paranti kuring baheula mangsa budak ulin. Asana ceuk kuring mah teu eleh endahna ku Basisir Tanah Lot di Bali, ceuk kuring kitu soteh nu tangtuna reueus ku lembur sorangan, teuing ari cek batur mah.